Nun Gusti Allah nu Agung
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Nun Gusti Allah nu Agung pupujan para umatNa, Abdi kalintang percanten ka Yesus Putra Jeng Gusti, iklas ngurbankeun Salira kanggo nebus dosa dunya. Ku kituna abdi- abdi ngucap sukur Putra Jeng Gusti.
Nun Gusti Allah nu Agung pupujan para umatNa. Abdi nyanggakeun panuhun lungsurkeun berkah Sawarga. Berkahan korban pangbakti, ti sadaya umat Gusti. Mugi janten pibekeleun kahirupan enggoning ngabdi ka Gusti sareng sasama.
Haturan ka Anu Agung mugi Gusti kersa nampi pangbakti ti abdi-abdi rupi anggur sareng roti Jantenkeun Salira Kristus sareng GetihNa nu suci, ku jalaran berkahNa panangan Gusti nu diwakilan ku imam abdi Jeng Gusti
Teks kawih bernotasi belum tersedia.