Yesus Kristus Sang Panebus
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Yesus Kristus Sang Panebus Ngadamel Pangeling-ngeling Kanggo sadaya umatNa Urang sadaya peryogi Ngemutkeun jasa Anjeunna Nu pinuh ku pangorbanan.
Di dunya hirup Jeng Kristus Ngemban timbalan ti Gusti Nya kitu waktos pupusNa Estuning sumerah diri Pasrah ka kadaring Allah Keur nebus dosa pra abdi.
SaliraNa Gusti Yesus Sareng Getih anu Suci Korban Perjangjian Anyar Jeng Rama nu Maha Asih Kersa ngahapunten dosa Dosa pra putra Gusti.
Gusti Yesus luntur kalbu Nu ihlas ngorbankeun diri Urang oge janten korban Mana hirup masing titih Ngabakti ka Gusti Allah Tawis miasih ka Gusti.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.