Sumangga Salira Kristus

Sarankan Edit

Audio tidak tersedia.

Sumangga Salira Kristus sareng Getih anu suci, linggih ka abdi nu hina maparin katengtreman ati. Paparin ati gumbira sieuhkeun ati guligah. Margi nyata mung hiji Salira Gusti anu baris nyandak abdi lebet Sawarga.

Dupi anu sanyatana abdi-abdi jalmi hina hirup nyandang noda dosa teu pantes nampi Salira. Gusti yaktos Mahaluhur, agung tur Mahamulia. Nanging Gusti mugia kersa ngadawuh tinangtos jiwa pra abdi tiasa suci.

Mun ngemutkeun jasa Yesus sinareng welasasihNa abdi kalintang hanyakal Duh Gusti abdi hapunten sucikeun abdi sadaya. Mugi abdi dipaparin caang padang terang ka pangersa Gusti.

Teks kawih bernotasi belum tersedia.