Duh Gusti nu Maha Agung
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Duh Gusti nu Maha Agung, Nu dipuja ku para umat sadaya Abdi-abdi kalintang pisan percanten Ka Gusti Yesus Putra Allah nu Nunggal Nu parantos iklas ngorbankeun Salira Kanggo nebus dosa umatNa di dunya Abdi-abdi ngucap sukur Kana karelaan Gusti.
Dupi anu sanyatana Abdi-abdi hirup nu pinuh ku dosa Teu pantes kanggo nampi Salira Gusti Nu Maha Luhur sareng Maha Mulya Nanging Gusti mugia kersa ngadawuh Tangtos abdi sadaya tiasa suci Duh Kristus mugi hapunten Kukuhkeun iman ka Gusti.
Sumangga Salira Kristus Sareng Getih nu ayana anggur suci Mugi kersa linggih ka abdi nu hina Ngajantenkeun katengtreman manah abdi Parantos ngajait tina noda dosa Janten nyaangan umat saalam dunya Mung hiji Salira Gusti Nu nyandak lebet sawarga.
Duh Yesus nu Maha Luhur Abdi bebas jalaran Salira Gusti Tiasa tebih tina panggoda setan Sembah nuhun mugia salalanggengna Umat sami sumujud muji ka Gusti Rahmat Gusti nyarengan salalamina Sumber kaasih kamulyan Nyanggakeun sadaya-daya.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.