Duh Ibu Jungjunan Kalbu
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Duh Ibu Jungjungan kalbu sesembahun siang wengi Abdi teu kendat neneda ) Rumaos ku laip diri ) 2x Mugi Ibu nangtayungan Ti lahir dugi ka batin.
Muji kaagungan Ibu Sareng kaluhuran budi Nembrakeun dina kanyataan ) Nyandang dina welas asih ) 2x Mideudeuh ka sadayana Teu kersa ngawiji-wiji
Sewu laksa puji nuhun Kairing ku bingah ati Ibu aya dina mulya ) Linggih di lebet sawarga ) 2x Riung mungpulung jeung Putra Yesus Kristus nu pinuju.
Abdi teu kendat panuhun Tina kejembaran galih Kaagungan kaluhungan ) Murah manah Welas asih ) 2x Mugii abdi ngiring bagja Kacandak ka tempat murni.
Duh Ibu nu Maha luhung Tangtayungan diri abdi Tebihkeun bagja sangkala ) Pang rurudet pang rurujit ) 2x Nu ngabantu manggul iman Mugi abdi teguh eling.
Abdi ngagungkeun ka Ibu Lahir batin muja-muji Siang wengi henteu kendat ) Madep mantep sembah bakti ) 2x Ngajeng-ngajeng kaauuban Ku Ibu nu suci murni.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.