Ka Gusti Nu Mahasuci

Sarankan Edit

Audio tidak tersedia.

Ka Gusti Nu Mahasuci abdi nyanggakeun pangbakti sanes tina margi seueur mung margi karumaosan sugri asal ti Gusti Gusti tunggulung rahayu nu tansah taya kakirang.

Mugi Gusti kersa nampi pangbakti hasil usaha didamel nyiar rejeki mugi Gusti ngaberkahan maparin kacekapán ka abdi nu ngajeng-ngajeng Karajaan Gusti sumping.

Abdi-abdi sami nganti hiji jaman subur makmur lubur-leber rahmat Gusti nu tangtosna bakal rawuh waktos Gusti lumungsur jumeneng Raja di dunya ngauban umat manusa.

Teks kawih bernotasi belum tersedia.