Rewuan Taun Kapungkur (Kidung)
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Rewuan taun kapungkur Gusti anu Maha Suci Turun dawuh ka Abraham Yen mangke dijaman ahir Rundayanana ginanjar Hiji Putra nu lineuwih.
Cunduk waktu anu agung Nitih wanci nu mustari Ninggang mangsa anu sampurna Kaleresan hiji wengi Ping salawe malem Ahad Sasih ahir tutup warsi.
Putra Tunggal Maha Agung Sakumaha jangji dingin Dugi ka waktosna medal Mung teuing ku matak sedih Medalna di kandang domba Laip henteu saupadi.
Ngaliud ratusan rewu Nyanding di sisi di gigir Tanpa emut mirosea Tina tuna sisip harti Nanging mungguh Allah Rama Maha Adil Welas Asih.
Rama maparin pituduh Nurunkeun totonden sakti Mintonkeun cahyaning bentang Ngempray sumirat ka bumi Nyaangan Betlehem Raya Malar rayat eling surti.
Kocap budak angon tilu Gumebeg nu tanpa tanding Barang ningal cahya bentang anu benten di sasari Saena jol malaekat Anu weweling wawarti.
Budak angon enggal muru Dumeuheis ka jabang Bayi Sujud syukur sembah bingah Persela wewening ati Muja-muji neda Rahmat Ginuluran parek rijki.
Aya deui tilu Prabu Raja surti luhung budi Barang ningali alamat Totonden Nu Agung lahir Enggal ngabujeng cahaya Sumeja sembah babakti.
Raja nu tilu sumujud Ka Juru Salamet Bumi Ngahaturkeun dunya brana Emas dinar dupa wangi Emur sinareng permata Berlian inten widuri.
Gusti Yesus Kristus Agung Jumeneng lungsur lahir Sanes lampah samanea Sakadar mingpin ngadidik Ka para umat manusa Nanging lakon wajib pasti.
Jeng Putra janten Panebus Nyalametkeun pra abdi Nyucikeun ti dosa asal Nu kasorang keur birahi Abotna tanpa wilangan Dugi ka ngetohkeun pati.
Ku hal eta, dulur-dulur Merenah pisan mieling Kana dinten wewedalan Gusti Yesus Maha Suci Nu katelah dinten Natal Tawis urang sembah bakti.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.