Manah Yesus Anu Prihatin
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Manah Yesus anu prihatin Jalaran dosa manusa Kalayan manah nu soleh Tos ngorbankeun SaliraNa Panuhun abdi sadaya Neda agung cukup lumur Neda jembar hampurana Ka umat Anjeun sadaya.
Rebuan nu hiri dengki Laksana jalmi nu dosa Anu poho ka Yang Manon Caangkeun manah nu mulya Ku kaberkahan Pangeran Pangeran nu Maha Agung Nuju jalan nu sampurna Sangkan hirup urang mulya.
Mugi Gusti kersa nampi Korban abdi sadayana Anu pinuh ku kokotor Margi Anjeun mah uninga Nu asih ka sadayana Gusti Yesus neda tulung Ku Rahmat badan Pangeran Abdi sumujud ka Gusti.
Gusti Yesus nu prihatin Nandangan lara balangsak Ngabela umat sakabeh Kalayan korban nu ikhlas Korban getih Salirana Ka Gusti anu kasuhun Laksana sapanejana Rama, Putra jeung Roh Suci.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.