Reungeukeun (Kadewan)
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Reungeukeun yeuh dulur-dulur Kaula seja wawarti Urang teh tunggal ummat Na.) kudu sahate sapikir ) 2x sakanyaah sauyunan handap asor silih asih
Lamun urang enya ngaku tunggal di lebet Roh Gusti hirup mo' pakia-kia ) hirup teu mentingkeun diri ) 2x mandang batur luhur harkat kitu wirid nu sajati.
Geura nyonto sipat Kristus Wujud Allah nu ngajirim Anjeunna teu kamagungan ) estu ngalaipkeun diri ) 2x hirup taat kumawula dugi ka pupus disalib.
Nu matak Allah ngajungjung maparin gelar utami geusan kamulyaan Rama ) kabeh bangsa nyembah bakti ) 2x ngaku Kristus teh Panutan anu kedah dipigusti.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.